18 January 2012

Korejat

Nembe oge duk mastaka na anggel
korejat deui cengkat ku hariwang
nembe oge cep soca lelenyapan
korejat deui cengkat ku kamelang

dina emutan ukur palangsiang
dina emutan boa-boa
kumelang kuhariwang ka anjeuna
palalaur katarimang ku nu lian

Nembe oge duk mastaka na anggel
korejat deui cengkat ku hariwang
nembe oge cep soca lelenyapan
korejat deui cengkat ku kamelang

dina emutan ukur balangsiar
dina emutan boa-boa
kumelang kuhariwang ka anjeuna
palalaur katarimang ku nu lian

.............
.............
duh gusti nu maha suci maha welas maha asih
nya abdi neda
mugi-mugi na atina taya panutan nu lian iwal abdi

nembe oge duk eumh korejat deui
nambe oge reup duh korejat deui
teu walakaya teu daya upaya
teu mendak jalan duh kedah kumaha
ukur hariwang mung ukur kamelang
balangsiar jeung boa-boa
mung ka anjeuna nya mung ka anjeuna
hate mantep salawasna abdi manteng

(Korejat oleh Doel Sumbang)

Tonton Video Cover Iis Camelia

No comments: